Ngaguar Basa tur Budaya Sunda
Basa tur Budaya Sunda! Lain pedah sugih ku elmu jembar ku pangabisa, lain pedah oge jegud pangaweruh tur jembar ku harta, sim kuring nyieun ieu kotretan ngan saukur ngabayangkeun kacida bagjana upami ngiring merhatoskeun kana basa atanapi budaya luluhur, nyobian ulubiung tur umajak pikeun ngamumule basa karuhun.
“Jati teu kasilih ku junti” babasan nu ngagambarkeun budaya sunda teh moal kakikis ku budaya nu lian. Keur ngadegkeun kanyataana tangtu kudu aya nu mikacinta tur ngarawatna. Jalaran eta, salaku urang sunda pituin sim kuring ngaraos kajurung hate mikacinta nu dipikaboga, etang-etang ngiring ngamumule basa karuhun ditambih ku rasa honcewang tur sedih kacida nempo kaayaan ayeuna di sabudeureun urang anu tos langka ngadangu kecap sareng paripolah nu matak tumaninah kana manah.
Saukur conto leutik di sabudeureun rorompok, seueur budak leutik “murangkalih” nu teu diajarkeun nyarios cara urang sunda nu leres, seuseueurna diajarkeun indonesia-an we da meh tereh pok na teh. Rajeun aya nu ngajarkeun sunda tapi sawareh-sawareh( teu kabeh, sawareh sunda sawareh indonesia) pan jadi teu puguh. Panginten dulur oge kantos ngadangu sapertos kieu :
- Kamu teh dicari-cari dari tadi, ari gok teh nyampak dihareupeun!
- Diem jangan nangis aja, gandeng tau!
Basa nu dicangkem bakal ngarembet kana paripolah, teu sakedik budak nu calutak ka kolotna, nyakitu deui aya keneh kolot nu nyontoan teu hade ka budakna. Padahal dina basa sunda aya nu disebat undak-usuk basa, nyaeta nerapkeun basa dina tingkatan nu luyu jeung kaayaan urang nu disanghareupan. Lamun urang geus biasa make undak-usuk basa nu bener (basa/lisan anu diatur) Insya Allah saeutik lobana bakal nepa kana peripolah sapopoe nu kakungkung ku budaya/etika tur agama.
Sakedik conto nu tiasa kakotretkeun, mangga di uningaan dipalih dieu:
Hatur nuhun, mugia tiasa dteraskeun tur dilenkepan deui.