Ngamumule basa, Seratan Bakat Ku….

Saleresna mah sim abdi teh masih ngatog dina masalah ngadamel seratan. Ieu masih keneh lebeng, teu kaemutan upami bade ngawitan nyerat nu sae teh, ngawitanana kumaha sareng kedah kumaha oge supados hasilna sae. Tapi sigana upami teu ngawantunkeun diri mah salamina oge pasti moal tiasa-tiasa, janten ayeuna abdi ngawantun-wantun wae ngadamel seratan nu teu pararuguh panginten, sakedik ngacapruk oge ah teu sawios panginten da abdi mah nuju diajar keneh he….

Ieu oge bakat ku… ; (kesel kumargi sadidinten mung bengong teu pararuguh, bakatning ku teu aya damelaneun), (butuh atanapi peryogi pisan hiburan kan tiasa sareng surfing diinternet he..), (teu aya kaisin alias teu aya ka era kumawantun ieu abdi nya, padahal mah panginten teu aya nu malire hm..), (hoyong pisan tiasa ngadamel seratan nganggo basa Sunda, etang-etang diajar sareng ngamumule basa daerah nu tos tangtos janten akar budaya nasional hmm…).

Kanggo nu pangakhirna eta aya kakaitan sareng nu katinggal dina lumampah abdi sadidinten, sanaos tos lami kalangkung tapi masih keneh kaemut, yaeta unsur nu ngenaan sareng ngamumule basa.

Caritana kieu:
Kapungkur abdi kantos linggih di Ibu kota nyaeta Jakarta. Sadidinten atanapi sapopoe saur basa loma na mah, pan tos tangtos nganggo bahasa nasional (Bahasa Indonesia) nu mangrupakeun bahasa persatuan. Dina hal eta na mah teu aya lepatna, da tos sakedahna urang ngajungjung bahasa persatuan urang. Tapi nu di pikaheran ku abdi alias sim kuring nyaeta abdi sering papendak sareng wargi-wargi nu teu tiasa basa Sunda padahal kawitna ti Tatar Pasundan saurna mah. Tah eta nu janten heran teh. Dina hiji hal anjeunna bagja ngaku yen anjeunna teh urang sunda dumeh seueur tea hal-hal nu tiasa dibanggakeun salah sahijina cenah mah urang Sunda mah karasep sareng gareulis, tapi disisi lain panginten teu aya kahoyong ngalestarikeun budayana.

Galagat sabalikna aya di Bandung. Bandung nu tos ngawitan sesek ku nu nyicingan (ngalinggihan) teh tos teu benten tebih sareng Jakarta salaku pusat Ibu Kota. Di Bandung abdi kantos sababaraha kali mendakan rencang nu sadidinten teh nyariosna bahasa Indonesia wae, sakali deui hal eta teu aya lepatna sakedik oge, tapi anjeunna teh masihan gambaran yen anjeunna teu ngaraos genah ngangken janten urang Sunda na, kumargi alim pisan upami sakali-kali diajak nyarios ku basa Sunda teh. Memang sih aya sababaraha jalmi nu sepuhna kawitna teh sanes asli urang Sunda, tapi sakedahna mah teu kedah isin atanapi kaku da ajeunna teh lahirna ge di Sunda. Tah kitu kirang langkungna salah sahiji galagat nu aya dina waktos ayeuna kumargi ayana kamajuan teknologi nu kiranglangkungna teu disarengan ku kasiapanana.

Bilih tea mah aya nu kersa maos seratan ieu, teras aya basa nu teu merenah, nyentug kana hate atanapi kumaha, nyuhunkeun di hapunten wae, da abdi teu aya madsad nanaon mung saukur hoyong diajar ngamumule basa karuhun urang tapi panginten teu acan terang carana. Sareng ieu seratan mung asal nulis wae janten teu terang nu sae na kedah kumaha. Da ieu mah mung sakadar kanggo ngemutkeun ka sim kuring (diri abdi), salangkungna mugi-mugi wae atuh aya faedah sareng mangfaatna kanggo sadayana nu kersa maos ieu seratan.

3 Responses to Ngamumule basa, Seratan Bakat Ku….

  1. ihsan says:

    uy… uing mah heteu kitu

  2. ncuy says:

    urang oge euy….

  3. kips says:

    Tah kitu atuh heu…

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *